SEJARAH BANJARAN


Anu mimiti bubuara di Banjaran baheula teh sok dipungkas ku purwakanti "GUNUNG PUNTANG SIMA JUNJANG TUTUGAN BANJARAN KEMBANG" tapi ieu teu aya anu aruningaeun naon hartosna purwakanti teh.
Ceuk dina buku sajarah Bandung, dicaritakeun yen anu mimiti ngeusian padataran Bandung teh rundayan ti Prabu Hiang Ningrat Kancana nu nyakrawati di Gunung Puntang Banjaran pencaran Sangkuriang.
Nurutkeun dongeng-dongeng jeung carita rahayat, di Gunung Puntang aya patilasan nu baheula. Bejana mah aya Batu Bedil, Batu Kareta, Batu Pedang jeung aya anu disebut Curug Siliwangi. Kaayaan eta curug ngarupakeun hiji kaanehan alam, lantaran nyurugna eta cai ti luhur ka handap teh  ngaliwatan lima hambalan batu-batu nu siga beunang ngatur jeung bijilna cai meh ti puncak gunung, dina tiap hambalan ngarupakeun balong leutik. Pantes dipake bari ngeueum, caina nyecep tiis jeung nyacas ngagenclang herang jeung aya semu paul siga spirtus, luhurna eta curug kira-kira 300 meter. Eta curug ayana ditengah-tengah leuweung luwang liwung langka kasaba ku jelema. Sorana ngaguruh matak keueung mun sorangan ngaguruhna eta cai bakal leuwih tarik ragragna eta cai anu ninggang batu teh bakal asa bebeledagan kadengena, mun nu daratang kadinya raribut bari patarik-tarik ngomong.
Moal boa samemeh arindit ngeusian padataran Bandung, bubuarana eta karuhun teh disabudeureun Banjaran heula, dumeh daerah banjaran kaasup mumunggang Gunung Puntang.
 

Demi nu mimiti bubuara di Banjaran mah caritana kieu, dikiduleun kampung Blokdesa Desa Banjaran aya pajaratan umum nu disebut Pasarean Handap, nu matak disebut Pasarean Handap teh pedah teu jauh kiduleunnana aya Pasarean Luhur, anu ceuk sepuh sepuh mah didinya teh aya makam Sembah Dalem Dipati Ukur. Ari Pasarean Handap aya dua makam nu dianggap karamat, nyaeta anu hiji eta makam teh disaungan, dikulambuan malah dikonci jeung teu salaga wayah jelema bias asup ka eta makam tanpa saijin kuncen anu ngajagana, anu dipendem didinya teh nyaeta KYAI ABDUL SAKIB, ari makam anu kaduana mah ngan kari adegannana bata geus lukutan tur buliklak. Bejana mah eta makam teh kungsi mangrupa wangunan anu weweg, eta bae da tembokna urut adeganana tea rubakna 40 cm make aya urut jandelana, anu dipendem didinya teh nyaeta Wadana Banjaran kahiji nu jenenganana ARIA SACANAGARA (taun 1810-1855). Diantara kulawarga Wadana Aria Sacanagara nu dipendem didinya teh aya putrana jeung putuna anu jenengan Nyi Raden Raja Karaton (juragan katon) sareng Nyi Raden Raja Permasih (juragan permas).
Ceuk sepuh sepuh anu masihan katerangan, cenah mah kyai Abdul Sakib teh hiji ulama islam utusan ti cirebon nyebarkeun Agama Islam ka pakidulan tanah ukur Bandung, malahnya anjeuna nu mimiti bubuara bari ngajarkeun bagbagan elmu kaislaman di lembur Banjaran. Kitu deui padumukan Pakuwon oge teu jauh ti Kampung Blokdesa ayeuna, nurutkeun  perkiraan nunyaritakeun sapagodos jeung kamekaran agama islam di Pasundan, sumpingna ti cirebon ka Banjaran teh kira-kira dina taun 1600an, sajaman sareng DALEM ADIPATI UKUR AGUNG Bandung samemeh diparentah ku Mataram.

2.ASAL MUASALNA NGARAN BANJARAN
Asal muasalna ngaran Banjaran ceuk anu nyaritakeun asal kecap Banjaran teh aya tilu nyaeta : 
- kaol anu kahiji : dina waktu Kyai Abdul Sakib ngabedah pilemburan keur padumukan anjeuna,dipayuneun pakaranganana ngadamel jalan-jalan leutik nu leumpeng, cenah mah jalan-jalan leutik nu laleumpeng teh laleumpeng banjarana,nya di sebut bae eta pakuwon teh Banjaran.

-kaol anu kadua : waktu Kyai Abdul Sakib ngayakeun riungan jeung para santrina, diuningakeun ka anjeuna yen hiji tempat aya anu meryogikeun piwuruk anjeuna tina elmu kaislaman, nya anjeuna mios tunggang kuda, kira-kira 100 meter tina panginditan tea kudana tikudawet kana akar kai, atuh ti kedepruk kudana teh malah Kyai Sakib oge kabantingkeun ngan teu sakara-kara,para santri pangiringna oge kacida reuwaseun ningal Kyai Sakib geubis tina kuda, barang diburu kadenge ku para santri Kyai Sakib nyarios dina basa jawa "TIBO JARAN" (kudana labuh), ari kadenge ku para santri mah lain TIBO JARAN tapi BANJARAN, nya disebut bae eta patilasan geubisna Kyai Sakib teh BANJARAN.

-kaol anu katilu : cnah mah Kyai Sakib teh terah ti bawahan pakidulan Tegal Pakalongan nyaeta ti lembur Banjaran, nu matak tempat anjeuna bubuara bari ngajarkeun Agama Islam oge ngalap lembur anjeuna Banjaran.

Bener henteuna Wallohu'alam.

Keur netelakeun benerna kyai abdul Sakib nyebarkeun agama islam di Banjaran, hanjakal teu aya titinggalna nu mangrupa kitab-kitab atawa tulisan anjeuna.henteu saperti makam-makam karamat anu sejenna, atawa bias jadi eta pakuwon anjeuna teh teu kapiara turun-tumurun ka rundayannana.
 katerangan saterusna nu ngeunaan kota Banjaran khususna atawa lembur Banjaran umumna ti mimiti Kyai Sakib muka pakuwon di Banjaran teu meunang katerangan deui, saperti kumaha sipat pamarentahan jaman harita jeung saha nu jadi lulugu pamarentahan jaman Kyai Sakib, kuring teu meunang katerangan.

3. WADANA ARIA SACANAGARA
Wadana Aria Sacanagara teh katelah ku urang Banjaran mah Juragan Aria bae, jenengan sareng gelar kapangkatan salengkepna nya eta RADEN RANGGA DEMANG ARIA SACANAGARA, ieu gelar kapangkatan teh anugrah ti pamarentah, tina hasil karya anjeuna dina salami cepeng damel jadi wadana Banjaran kahiji.

karya juragan Aria nu dianggap nonjol ti Wadana-wadana nu sejenna nya eta tina widang pertanian khususna dina ngawangun atawa ngabedah pasawahan jeung pangairannana, sajaba ti karya-karya nu kasebut tadi, kengingna gelar Aria teh kieu caritana :
Gubernur Van Den Bosch di Batawi,katatamuan ku Pangeran Frans Yosep putera mahkota Raja Oostenrijk (ustria) ti Eropa, ka eta tamu teh dicaritakeun bisi hayang nyaho cara moro uncal di wewengkon Priangan, atuh tamu teh kacida katarikna kana eta katerangan anu satuluyna Gubernur Jendral marentahkeun ka Residen Priangan yen rek aya tamu nagara hayang nyaho cara moro uncal di Priangan.

Tuan Residen marentahkeun ka Bupati nu harita jadi Bupatina Wiranatakusumah ka IV nu nelah Dalem Bintang (1846-1874), Bupati mentes ka Juragan Aria Sacanagara supaya nyadiakeun tempat nu biasa dipake moro uncal, ari tempat pamoroan uncal teh di leuweung sabudeureun Manggahang nu aya gunung nu disebut Munjul kiwari, eta daerah kaasup wewengkon kawadanaan Banjaran.

Kacaritakeun sasadiaan teh geus beres, di Gunung Munjul tea nyieun papanggungan keur caralik para pangagung, keur nu ngagiring-giring uncalna geus disadiakeun sajumlah munding jeung nu tarumpakna bari marawa kohkol awi, kitu deui sajumlah kuda, paninggarannana lengkep jeung tumbakna (henteu make bedil), dina prungna diluluguan ku Juragan Aria, breng dimimitian ku bari surak ayeuh-ayeuhan, nu ngagiringkeun uncal bari tarumpak munding nakolan kohkol dititirkeun patembalan bari diheuah-heuah disaredekeun ka palebah papanggungan tea, geus kitu breng paninggaran nu tarumpak kuda teh ngabeberik moro uncal nu geus kakepung, ting belewer tumbakna dilempagkeun ka uncal, nu keuna rubuh sapada harita, kaayaan teh estu rame asa kaindit, sora kuda ting hariem ting salegor. Sora kohkol rantong jeung nu surak ayeuh-ayeuhan pating gorowok, uncal nu beunang pada muru ku paninggaran tarurun tina kuda, tuluy digarotong kapayuneun pangagung tea.

Putera Mahkota jeung para pangagung nu aya dina papanggungan teh kacida bungahna nyaksian nu moro teh, sarengsena, putera Mahkota nganuhunkeun ka Bupati, kitu deui ka Juragan Aria, teu sababaraha lilana Bupati kenging nugraha Bintang Emas, Juragan Aria kenging pangkat Aria. keur paringetan eta kajadian aya nunulis guguritan pupuh kinanti nu unina kieu :

LUHUR GUNUNG AYA SAUNG
PARANTI GUSTI NINGGALI
NINGGALI NU MORO UNCAL
DI  GINGGIRING KUMUNDING
DI UDAG-UDAG KU KUDA
BEUNANGNA KU RADEN MANTRI

Paninggaran anu pangheulana meunang uncal teh nya eta Raden Sastrawinangun pangkatna Mantri Kabupaten, Ceuk nu nerangkeun, Juragan Aria teh rundayan ti Dalem Tumenggung Mataun, puputera Embah Demang Wiranatakusumah di Cangkuang Leles NU nelah Dalem Cangkuang, cenah mah makamna oge di Situ Cangkuang anu Katelah Embah Gede.

Embah Demang Wiranatakusumah kagungan putera jenenganana Dalem Wirakarama jadi Dalem di Rajadesa Ciamis, ti Rajadesa ngalih ka Cikupa Bojong Manggu nelah Dalem Cikupa, nu matak ngalih teh cenah mah dibeberik ku utusan Mataram lantaran teu kersa taluk ka Mataram.

Dalem Wirakarama kagungan putra Dalem Indramanggala anu jumeneng deui di Rajadesa kumawula ka Mataram. Dalem Indramanggala kagungan putera dua, hiji Dalem Surakusumah anu kadua Dalem Puspawidita. Dalem Surakusumah puputera Mas Prajadiraksa anu gaduh putera Aria Banjaran Sacanagara.
Juragan Aria Sacanagara diangkat jadi Wadana Banjaran kahiji teh nalika jadi Mantri Tarum ngagentos pangkat Kapala Cutak, taun sabaraha Juragan Aria jenengna Wadana Banjaran aya anu nerangkeun sajaman jeung Bupati Dalem Kaum Wiranata Kusumah IV di Bandung taun 1846-1874, diangkat jadi Wadana Banjaran teh nalika yuswa 30 tahun, jenengna 45 taun (1819-1855) pupusna dina yuswa 75 taun.

Cenah mah anu mimiti ngatur pamarentahan kawadanaan Banjaran jaman Juragan Aria teh tempatna di palebah Kampung Blok Desa ( Banjaran Kolot), malah kaumna oge palebah kampung Coblong kiwari.

Dumasar kana pertimbangan nu sejenna jeung kamekaran kota jaman harita, tempat ngatur pamarentahan teh ti palebah Kampung Blok Desa teh perlu dipindahkeun ka palebah kulon sabudeureun Alun-alun Banjaran ayeuna. ari cara mindahkeun tempat keur pitokoeun jeung pamarentahan ka sabudeureun Alun-alun teh teu kitu bae. bejana hiji pagawean anu rohaka keur jaman harita mah, da cenah mah ti palebah nu harita jadi Gedong Bioskop Cahaya nepi ka kantor polisi ayeuna tanahna teh henteu rata saperti kiwari, loba anu lugak legokna. Dina ngabedah keur pitokoeun atawa keur tempat padumukan pamarentahan teh kasebut Juragan Aria kagungan kapetengan, mun ayeuna mah pembantu Ahli nu jenengannana Embah Haji Jabar, Embah Haji Umar, Embah Nurbain. diantara anu ti kapetengan ieu kasebut Embah Nurbain ahli dina widang Pangairanj ngabedah pilemburan, kitu deui kaahlian nu sejenna ieu tilu kapetengan teh kagungan pangaruh pisan di kalangan masyarakat harita.

ceuk anu nyarita, pagawean ngabedah keur pitokoeun teh sapoena ngagunakeun 40 pasang rakit dina jero tilu bulan, diantara ieu pagawean rohaka anu aya keneh tapakna nepi ka kiwari nya eta ngalelemah keur pendopo, alun-alun, masjid jeung palebah sakola kaler kiwari. ngagali jeung ngaguguntur taneuh keur nyaeur teh ti kiduleun Komplek Kahutanan ayeuna. Kampung Pintuloji. gawir tapak ngagaliannana ti belah kidul kulon jeung wetan kaciri keneh nepi ka ayeuna oge. malah mah ceuk anu nyarita, sanggeus tanahna dikali jeung ditarik dipake nyaeur teh tuluy dijieun situ, nurutkeun katerangan, ngalihna padumukan Juragan Aria ti Wetan ka tempat anu anyar teh kalembur wetaneun Alun-alun Banjaran harita kalereun Gedong Bioskop Cahaya dina tan 1825, malah pestana oge cenah mah meneran dina pahabu Walanda (1 januari 1825), jadi nepi ka tanggal 1 januari 2012 teh kota Banjaran umurna 187 taun.

Sanggeus Juragan Aria pupus, Pendopo Kawadanaan dialihkeun ku putrana nu jenengan Wadana Wangsadireja 1855-1975, Kawadanaan Banjaran kaduana palebah Pendopo kawadanaan kiwari kiduleun Alun-alun, ari kaum jeung masjid mah tetep kuloneun Alun-alun. ari Alun-alunna sakurilingna dipelakan caringin kurung anu dina taun 1939 kapaksa dituaran sabab geus pohara gedena, geus jadi carita dikalangan masyarakat Banjaran mah. dituarannana teh jaman Wadana Ahmad Djajadihardja, Camatna Sukmantara, Lurahna Sapri Danuwangsa, Kokolotna Madsayi, anu maksudna dituar nyaeta keur ngalegaan lapangan maen ball waktu jaman kleup MINERVA.

Komentar

  1. ass. akang linggih dimanten ?? salut kana caritana..

    BalasHapus
    Balasan
    1. Dupi Ciapusna palih mana kang..? abdi sok ameng ka curug.. ari rorompok mah di sindangpanon.. sawaktos2 hoyong silaturahmi ah.. hoyong terang sejarah banjaran anu langkung, sambil ngopi..

      Hapus
  2. Banjaran terkenal gning nya 17 taun karek terang hha

    BalasHapus
  3. Lembur blokdesa teh geuning tempatna mimimiti ayana janten banjaran 👍

    BalasHapus
    Balasan
    1. Muhun salah sahiji NU ka sebat Dina kearifan lokal banjaran, masih keneh Aya daerah anu teu Acan di serat na blog

      Hapus
  4. Alhamdulillah tiasa janten referensi kanggo komunitas abdi nyaeta komunitas Pecinta Sejarah di Banjaran,,, hatur nuhun kang...

    BalasHapus
  5. Ngiring ngarojong kang kana pedaran sajarah banjaran....jntn hyg ngopi bareng ngobrol perkawis sajarah banjaran nu langkung luasna.....

    BalasHapus
  6. Komo mun diteraskeun sajarahna ka asal muasal desa kamasan jeung sajabana. Lajengkeun kang ngaguar sajarah lembur urg. Rahayu... 🙏🙏🙏

    BalasHapus
  7. Hatur nuhun pisan kang abdi janteun terang asal muasal lembur pun aki

    BalasHapus
  8. Dupi makam Aria Banjaran, nyaeta pun Raden Rangga Demang Aria Sacanagara di Pasarean Handap Blok Desa, anu di tempat eta oge dikurebkeunna sesepuh Banjaran Eyang Abdul Sakib ?
    Nyuhunkeun pencerahanna 🙂🙏👍

    BalasHapus

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

ULAH SENANG DINA HARAM