Postingan

Menampilkan postingan dari 2012

SEJARAH BANJARAN

Gambar
Anu mimiti bubuara di Banjaran baheula teh sok dipungkas ku purwakanti "GUNUNG PUNTANG SIMA JUNJANG TUTUGAN BANJARAN KEMBANG" tapi ieu teu aya anu aruningaeun naon hartosna purwakanti teh. Ceuk dina buku sajarah Bandung, dicaritakeun yen anu mimiti ngeusian padataran Bandung teh rundayan ti Prabu Hiang Ningrat Kancana nu nyakrawati di Gunung Puntang Banjaran pencaran Sangkuriang. Nurutkeun dongeng-dongeng jeung carita rahayat, di Gunung Puntang aya patilasan nu baheula. Bejana mah aya Batu Bedil, Batu Kareta, Batu Pedang jeung aya anu disebut Curug Siliwangi. Kaayaan eta curug ngarupakeun hiji kaanehan alam, lantaran nyurugna eta cai ti luhur ka handap teh  ngaliwatan lima hambalan batu-batu nu siga beunang ngatur jeung bijilna cai meh ti puncak gunung, dina tiap hambalan ngarupakeun balong leutik. Pantes dipake bari ngeueum, caina nyecep tiis jeung nyacas ngagenclang herang jeung aya semu paul siga spirtus, luhurna eta curug kira-kira 300 meter.